Dongeng Sirem Jeung Japati

DONGENG : Sireum jeung Japati Aya sireum rek nginum disisi walungan. Keur ngarayap kahandap, manehna tisoledat. Pluk ragrag kana cai. Hadena caina rada ngeuyeumbeu lebah dinya mah. Tapi keukeuh bae ari ngojay kasisi mah teu bisaeun. Sireum gegeroan, ” tulung, tulung, ieu kuring rek tikerelep tulungan ” Kabeneran aya japati keur cindeten dina dahan kai anu nyodor kaluhureun cai. Kadengeun aya sireum gegeroan menta tulung. Barang ngareret kahandap, katenjoeun sireum keur kokosehan. Japati karunyaeun, geleber hibeur bari ngegel daun salambar. Song diasongkeun daun teh kahareupeun sireum. Sireum tuluy muntang kana daun. Daun kujapati dibawa ka darat. Sok digolerkeun kana taneuh.Sireum pohara nganuhunkeunana ka japati anu geus ngaleupaskeun manehanana dina bahaya. D...